postingan pun lanceuk

karek ningali lanceuk posting dina grup dinasty nangerang, anjeunan emang gaduh pinunju kana budaya sunda, cenahmah baheulana aktivis sosial budaya jeung ekonomi di kampus winayamukti. istilahna di panca kaki ngan hiji2 jelema nu nganut jeung concern kana budaya sunda, moal apaleun the sigit atanapi  the cors komo deui, kieu cenah tulisana da simkuring ge teu ngartos :


Mikir-mikir dinu suni
Naha naon anu di pilari
Awak barentol di coco reungit
Teu lila ka ambung hangit

Ngaheujeun peupeureudeuyan
Ngijir wangsit neangan ilham
Najan Sono teu kapalang
Ngaburusut teu bisa dipungpang

Nyangereng bari cingekeng
Na handapeun tangkal menteng
Ngagulusur ngaliwatan cangkeng
Nu kaluar rupana koneng

Kacipta keur ngadaharna
Masakan mancanagara
Istimewa tur pangmahalna
Ayeuna Kari Waasna

1 komentar:

"i love u anyway" mengatakan...

nuju miceun geuning ieu teh....ckckcck..

Posting Komentar

 
Copyright © kakilangit